Haflah Ikhtitam Pondok Pesantren Minhajut Thalibin
![]() |
| Panggung Utama Haflah |
![]() |
| Bapak Pengasuh Ponpes bersama Bapak Krisna Mukti |
![]() |
| Santri foto bareng Bapak Krisna Mukti |
![]() |
| Marawis El-Minhaj |
![]() |
| Guru2 foto bersama Bapak Krisna Mukti |
![]() |
| Khotmil Al-Qur'an |
![]() |
| Bapak Krisna Mukti anggota DPR RI |
![]() |
| Khotmil Qur'an |
Nami abdi Hevana Muzayana Santoso. Abdi salah sahiji murid kelas X.1 di SMK Minhajut Thalibin anu berdiri ku Yayasan Minhajut Thalibin. Abdi oge nyantri dina Pondok Pesantren Minhajut Thalibin Pungangan, Subang.
Nembe kamari, tapatna dinten Sabtu 14 Mei 2016, Pondok Pesantren abdi ngadakeun acara nyaeta Haflatul Ikhtitam anu tos janten agenda tahunan pondok ieu.
Acara na meriah pisan. Aya lomba2, aya pementasan nadzom2, aya penghargaan nominasi kangge santri2 Minhajut Thalibin, jeung aya oge acara Khotmil Qur'an anu mangrupakeun acara inti ti Haflah eta.
Alhamdulillah kamari abdi bisa jadi salah sahiji peserta Khotmil Qur'an, jeung anu janten kabanggaan nyaeta abdi kenging Sanad Al-Qur'an atanapi Bukti Mempelajari Al-Qur'an. Jeung Alhamdulillah pisan abdi oge tiasa ngaraih Juara 1 lomba Pildara (Pilihan Da'i Remaja).
Bapak Krisna Mukti anggota DPR RI Komisi X oge dongkap di acara Haflah eta. Beliau jangji bade ngabantosan sakola2 swasta, salah sahiji na sakola di Minhajut Thalibin. Anjeun na ngajangji keun ka sakola Minhajut Thalibin bade masihan 2 ruangan nyaeta Ruang Lab Komputer sareun Ruang Perpustakaan anu nilai na sakitar 1,2 M. Jeung ucapan anjeun na atos di muat dina koran Radar Karawang.
Sadayana na janten kabanggan kangge abdi nyalira. Jeung abdi bersyukur tiasa janten bagian tina kulawargi besar Minhajut Thalibin :)
*Atos.. rupina sakitu wae nu tiasa abdi dugikeun..
Hampura mun aya kalepatan.. Punten soalna abdi asli orang jawa :v
Pungangan, 20 Mei 2016
Hevana Muzayana Santoso
















